Pangalaman Poe
Minggu
Katerangan :
Ø Farid (Mastur Hidayat)
Ø Anggara (Ridhwan Nurfalah)
Ø Wisnu (Rizqi Setiaji)
Ø Razu (Ridwan Hidayat)
Barudak X
TKJ-2 keur ngariung di buruan sakola, harita teh aya Anggara, Wisnu, Razu jeung
Farid. Maranehna ngobrolkeun pangalamanana masing-masing, dina poe minggu kamari.
Anggara :
“Rid, basa poe minggu kamari ka mana ? Angga ka bumi Farid,
tapi teu araya ?”
Farid :
“Puguh Farid mah piknik ka Cimanggu, ka pangojayan
cipanas.”
Razu :
“Kumaha rea nu pariknikna ?”
Farid :
“Nya rea oge, komo ka kawah putih mah pamandangan nana
Endah teh.”
Razu :
“Jam sabaraha balikna ?”
Farid :
“Sore. Da balikna nyimpang heula ka bumi Nini di Ciwidey.”
Razu :
“Mana oleh-olehna ningan teu mawa ?”
Farid :
“Bisi hayang oleh-oleh mah balik sakola ka imah, nya! Aya
Bandrek geura, anu kasohor “Bandrek Abah”.
Aya kawula jeruk.”
Razu :
“Hayu atuh engke balik sakola urang ka imah Farid, nya.”
Wisnu :
“Nya, ari Razu hayangna kaditu mah hayu wa. Da kabeneran
kamari teh boga niat hayang ka imah Farid,
tapi can apal di mana
imah Farid teh. Ari Anggara indit kamana
kamari ?”Kunaon
geuning cicing bae ? Gering tawa Angga teh ?”
Anggara :
“Puguh Angga mah milu jeung Bapa nguseup belut di sawah.”
Wisnu :
“Sinarieun atuh daek ka sawah ?”
Anggara :
“Kapaksa.”
Wisnu :
“Naha ningan ?”
Anggara : “Tuda
lamun teu ka sawah si Mamah ngajakan arisan, nya
mendingan keneh ka sawah.”
Wisnu :
“Aya-aya wae atuh.”
Anggara : “Zu,
ari Razu ka mana ?”
Razu :
“Ka Lombok tapi tos bosen.”
Farid : “Bosen,
naha bosen ?”
Razu :
“Uhun, bosen karuh teu janten wae.”
Wisnu :
“Emangna kunaon teu janten wae ?”
Razu :
“Nya si Mamah na ka luar negri bae.”
Anggara :
“Liburan.”
Razu :
“Janten TKW.”
Wisnu :
“Hahaha.. Sugan teh ek naon.”
Farid :
“Mending daripada teu pararuguh mah suang ka kantin.”
Anggara :
“Hayu..”
Sekian contoh paguneman untuk empat orang. Semoga paguneman ini bermanfaat bagi pembaca dan penulisnya. Jika ada kesalahan mohon sarannya di kolom komentar.

Posting Komentar